Lirik Lagu Manuk Dadali Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang Kukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk Saha anu bisa nyusul kana tandangna Tandang jeung pertentang taya bandinganana Dipikagimir dipikaserab ku sasama Taya karempan kasieun leber wawanenna Ref : Manuk dadali manuk panggagahna Perlambang sakti Indonesia Jaya Manuk dadali pangkakoncarana Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri Silih pikanyaah teu inggis bela pati Manuk dadali ngandung siloka sinatria Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia
Lirik Lagu Panon Hideung Panon hideung pipi koneng Irung mancung Putri Bandung Putri saha di mana bumina Abbi reseup kaanjeunna
Siang wengi kaimpi-impi Hate abdi sara redih Teuemut dahar Teuemut nginum Emut kanu geulis Panon Hideung
Lirik Lagu Lagu Bubuy Bulan Bubuy bulan-bubuy bulan sangrai bentang panon poe-panon poe disasate unggal bulan-unggal bulan abdi teang unggal poe-unggal poe oge hade
situ ciburuy laukna hese dipancing nyeredet hate ningali ngeplak caina tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing nyeredet hate ningali sorot socana
unggal bulan-unggal bulan abdi teang unggal poe-unggal poe oge hade
situ ciburuy laukna hese dipancing nyeredet hate ningali ngeplak caina tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing nyeredet hate ningali sorot socana
Lirik Lagu Peyeum Bandung Dimana-mana Di kampung di kota Tos kakoncara Ku nikmat rasana
Sampeu asalna Teu direka-reka Naon namina Duh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur Pangaosna teu luhur Ku sadaya kagaleuh Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian Bilih panasaran Peuyeum ti Bandung Henteu sambarangan
Lirik Lagu Sapu Paturay Tineung Ririungan urang karumpul meumpeung deukeut hayu rang sosonoan Macangkrama bari ngawadul urang silih tempas silih eledan Moal lila jeung babaturan hiji wanci anu geus ditangtukeun Bakal pisah bakal pajauh bakal mapohokeun katineung urang Sapu nyerepegat simpai bakal kasorang takdir ti Gusti Hyang Widi pasti kalakon Urang rek papisah urang rek pajauh meumpeung deu keut hayu rang sosonoan
Mojang Priangan Angkat ngagandeuang Bangun taya karingrang Nganggo sinjang dilamban Mojang priangan
Mun di erok denok Mun disanggul ayu Mun disinjang lenjang Mojang priangan
Diraksukan kabaya Nambihan cahayana Dangdosan sederhana Mojang priangan
Umat-imut lucu Sura-seuri nyari Larak-lirik keupat Mojang Priangan
Mojang ti Priangan Lucu sae atikan Sae basa sopan Mojang Priangan